Senin, 11 April 2011

Beda Ti Sasari

    Karek ge jarempe tas matotoskeun kondangan isukan ka lembur Babakan, geus torojo deui bae uleman teh. Nyakitu tea ari keur usumnamah nu hajat teh sok reundeuy pisan. Pokna, ti mulud ka rewahmah pasti wae matak lieurna teh da bulan-bulan dinya mah keur meujeuhna rame ku nu hajat.
  •     "Bade nyanggakeun uleman!" ceu hiji jajaka bari ngaluarkeun kartu uleman tina kantong gandongna, song kartu uleman dibikeun ka Bi Karti nu keur nunggu warung sanguna.
  •     "Ti saha jalu?" tanya Bi Karti bari nampanan kartu uleman.
  •     "Ti Pa Dahlan!" walonan pondok
    Saleosna nu mikeun uleman, Bi Karti gawena ngan mulak-malik kartu uleman, Heunteu ari daekeun muka mah ngan kitu wae ukur macaan tulisan nu aya diluarna wungkul.
    "Leuh abong kena nu beunghar..! Ulemanana oge nya badag nya alus. Mana aya gambar panganten deuih" Meureun saanueunmah Hargana oge...!" ceuk Bi Karti bari nelek-nelek gambarna.
    "Cingan..!", Mang Usep salaki Bi Karti nyampeurkeun kawas nu hayangeun nyaho.
    Sabot salakina keur ngilikan sarta maca uleman, Bi Karti pok deui nyarita, samalahan kadengen bet kawas nu mangloh.
    " Ulemanmah bari nage teu kudu alus-alus asal kabaca wae padahalmah...! Baretomah komo cukup ku dipapay dihaturanna wae ka unggal Imahna..!" cenah
    "Ari nyaneh nganbabacaan wae Karti....!" Salakina ngelingan.
    "Lebar tuda...! Da ari geus dibacamah apan sok langsung dibebeskeun ka jarian..!" Walon Bi Karti teu beakeun hojah.
    " Heh ari nyeneh ..! Enya mun ngukur jeung kaayan urangmah hamo moal kabedag. Tapi pikeun pa Dahlanmah leuwih tikieu oge mo burung kabedageun...!" Anjeunamah loba anak buahna Haratismah boa..!"tembal salakina.
  •     "Haratis..!?" Bi Karti rada nyureng katarana can ngartieun keneh.
  •     " Heueuh haratis, alias teu ucul duit saperak-perak acan..! walon salakina
  •     "Ningan..!? Bi Karti tambah nyureng.
  •     "Karti, ari jama gedeanmah, tong boro nyitak uleman, keur waragad hajat sapuratina apan sok pada nangkes ku anak buah. Lain haratis ari nu kitu? ceuk salakina..?" asa pangnyahona pisan.
    Ketang teu salah-salah teuing omongan Mang Usep bieu teh. Sabab ari jalam gedemah dimana boga hajat teh geus teu ripuh neangan timana keur waragadna sasatna sok pada nangkes ku anak buahna. Jaba kitu teh mun nyarambunga oge teu sirikna pakandel-kandel da hayang katangar atawa ngarah kapake. Galagat model kitu teh terus da tarurutan kunu boga jabatan sautak sautik, malah ngatik sok aya nu peupeuleukeuk atawa meres ka anak buah sagala.!
    Tiheula wae basa Kapala Dinas ngawikeun putrana, apan guru-guru SD mah euweuh nu teu gegelendeng deumah gaji kaparotong ngabantuan waragad hajat anjeuna. Onaman, lain anjeuna ari nu motongan gaji gurumah, sabab anjeunamah cukup ku talatah bari ngaharewos ka unggal kapala sakola nu aya dilingkungan kantorna. Nu beunghar tea, tegaan teh sok tara kapalang. Kitumah lain oge hajat, komo kanganran sukuranmah. Naon bedana jeung bisnis, sasatna dagang kejo bari embung ngamodal, make wae ngedok ngawinkeun anak..! Asanamah amit-amit ari ngawinkeun anak nepi kadijeiun objek usaha.
    Heemh..., sakpeungmah sok loba teu kahartina ku jalma kiwari teh. Ari kanu beunghar sok pada marawakeun, mana galede tur karandel deui nyarambungannateh. Tapi ari hajatna ninggang ka jalma leutikmah nyakitu tea, ukur tambah heunteu teuing. Leuheung bari jeung datangmah, da lolobanamah cukup ku nararitip we  geuning. Sok padahal ari jama leutikmah ku didatangan ogr geus bungah kacida. Angot mun seug didatangan ku dunungannamah bungahna alahbatan dibere gunung emas ceuk paribasana.
    Mang Rohim mah nepikeun ka cacaduan. Pona oge mun isuk jaganing geto boga hajat deui kudu ngahaturanan dunungan teh. Pasalnamah tina awahing ku ngarasa disapirakeun dumeh dununganana teu datng. Hanas diugah-ageh da pangresepna dunungan teh pais gurame, ari pek teu katempo irung-irungna acan, cenah. Puguh we handeuleunnana teh. Lain gelor ku amplopna, tapi ari jelma leutikmah sejat haat tur hormat we cenah, hayang katincak jeung kadahar rejekina.
  •     "Karti, Ningan kieu..? ceuk mang Usep ka pamajikannana.
  •     "Kieu kumaha..!? walon Bi Karti
  •     "Baca geura ku nyaneh..!" walon mang Usep bari nyodorkeun uleman sarta di tompokeun ka pamajikannana.
    "Tah baca tulisan nu ieu..!? ceuk mang Usep bari nuduhkeun tulisan nu kudu dibaca ku pamajikannana.
    Tuluy ku Bi Karti rada digerendengkeun.
    "Dengan tidak mengurangi rasa hormat, kami menyediakan tempat secara terpisah buat bapak dan ibu. Harr.. Ningan tempatna ge misah..!?" Katar pisan hookeunnana.
  •     "Nu matak...! Mang Usep mairan.
  •     "Ke..Ke..Berarti ulah bareng meureun...! Ceuk Bi Karti
  •     " Ulah Bareng naon ari nyaneh..?
  •     "Sugan...!? sabab ceuk kami mah ari terpisah-pisahmah masing-masing alias kudu misah.   
  •     "Jadi, mangkatna oge kudu misah? ari kitumah amplop oge misah meureun. ceuk Bi karti keneh.
  •     "Jigana ...kieu Karti ...! Amplop nu nyaneh bikieun ka pihak awewena , mun nu kami dibikeu ka pihak lalakina..! Ceuk Mang Usep sarua Telmi na(Telat Mikir)
  •     "Enya Kitu ..!? walon Bi Karti semu cangcaya
  •     "Meureun...!, walon mang Usep pondok
  •     "Meunding tanyakeun heula..,bisi salah..!"
  •     "Wah ni kitu-kitu wae make ditanyakeun! Salah ge moal matak doraka da lain ngaji atawa solat...!? walon Mang Usep.
    "Lain Kitu...!? kamimah ngelingan...!" Ceuk Bi Karti
    Dina waktuna, Bring Mang Usep jeung BI Karti arindit ka tempatna Pa Dahlan. Barang jol teh enya we geus heurin usik ku tamu. Papayon oge alus pisan da ngahaja meunang nyewa ti dayeuh. Tina salon(Speaker) nu ngajungkiring kenca katuhueun papayon teu eureun-eureun ku sora nasidyan tina kaset. Buruan nu sakitu legana di penggel jadi dua make kekeben nu jangkung satangtung. beh kulon awewe beh wetan lalaki tamu awewe diurus ku wanoja nu dibakutet ku jilbab, sedengkeun tamu Lalaki ku lalaki deui.
    "Silahkan ..!" Ceuk budak ngora basa Mang Usep jeung Bi karti daratang. Ngan rek barang asup ka buruan, Nu jaga tamu nyaram Bi Karti sangkan ulah asup beh dinya.
    "Maaf bu ..! Masuknya dari sana..!" Pokna.
    Dasar teu paham tea, dikitukeun teh bring mang Usep jeung Karti muru kana lawang nu hijina deui sakumaha panuduh panitia tea.
Mireungeuh kitu, Pok deui nu jaga tamu teh nyarita.
    " Ibu saja yang kesana, Bapak ke sini..!"
    "Naha...?" Ceuk Bi Karti mimiti ohokeun.
Nu jaga tamu teu nembalan, anggur nyerengeh semu nu kapiasem.
    Tina sela-sela sora salon hawar-hawar aya sora awewe nu ngangkrang, singhoreng tamu nu kakaradatang mangloh.
    "Nyieun pangaturan teh ulah sok ngaleuleuwihan pangeran ujang...!ceuk pangerang oge kangaran salki jeung pamajikanmah tong boro dieuk bareng najan ngadedempes di jero kamar duaan oge halal lain..?komo ieu ngan ukur dieuk bari dinu loba batur!  Asana teh bet kacida teuing..!! Ceuk manehna bari jamotrot.
    Pamajikannan ngutruk teh salakinamah ngan ukur keom sabab hatena mah ngabenerkeun kana omongan pamajikanana ngan teu pipiluen teh kurang meurenah we meureun.
    Nu kitu tea mah pa Dahlan ngatik nyieun pangaturan kitu patut! padahal lain kakara hajat ngawinkeun teh, da mun teu salahmah geus ka tilu kalina, tapi naha bet beda tinu engeus-enggeus..!? Mun minantuna ka urang arab onaman meujeuhna we rek kikituan teh, apan minantuna teh sunda asli,. Dina enyana oge mun meunangkeun urang arab, asana teh teu kudu aaraban kitu, pake we kabiasaan atawa tradisi anu ilahar di urang.
    Di rohangan lalaki estuning simpe ngan nu kadengen paketrokna sendok jeung piring, aya nu keur udud sewang-sewangan. Beda jeung di rohangan awewe kadengena teh asa gengsor, Ngan Orokaya, didenge-denge teh jiga nu keur ngarobrolkeun nu boga hajat,
    Komo bu Haji jengkel neupi ka ngomong pok-pokannana ngobrol jeung nu gigireunna     "Geura we tingali..! Ma enya ari urang nu laki rabi geus mang taun-taun geus reuay ku anak teu meunang diuk bareng jeung salaki, ari itu panganten geuning bet direndengkeun ..!? Padahal maranehnamah kawin ge kakarek poe ieu! Mun pangantenan nu kakarek kawin meunang ngarendeng, komo urang nu geus mang taun-taun..!?
    "Padahalmah tos wae nu ilahar di urang wae nya Bu Haji...?ceuk nu gigireunna mairan
    "Nyeta..., pakarepan saha atuh ieu teh..? Da basa ngawinkeun nu ti heula-heulamah asa heunteu kieu...! walon Bu Haji.
  •     "Jiganamah kapalay pihak pameget..! ceuk nu sejena deui milu mairan
  •     "Enya jiganamah..!
  •     "Benten aliran panginten Bu haji..." ceuk nu saurang Deui.
  •     "Aliran nanahaon...? Bu Haji malik nanya
  •     "Ka..Teuing.., Pedah we ningal panitiana ngarangge acuk Arab jeung totopong Haji!"
  •     Nu keur gunterng ngaromong ngadadak eureun alatan kapegat ku ayana pangumuman ti panitia ngeunaan budak leungit. Bareng jeung kitu, di sisi pasamoan aya nu keur silih tunjuk, singhoreng indung bapana budak nu leungit, ceuk bapana, budak nereleng ka indungna, ari ceuk indungna ti tadi oge milu jeung bapana, cenah. Ngadenge pangumuman budak leungit, sakabeh tatamu teu sirikna ting raringeuh, kitu deui panitia katempona teh kawas nu milu sibuk nareangan.
    "Tuh nya, apan pimatakeun,! Coba lamun bapana sina bareng jeung indungna mah moal keu kajadiannana..! Ieu teh akibat papisah diuk, antukna bapana jeung indungna silih tuding, jadi wae pasea di nu hajatan..! ceuk ibu nu make tiung beureum neuteuli.
    "Ari Pak Dahlan, ku tara parok jeung batur ..! Hajat-hajat wae ngatik loba pamolah ...! nu sejena milu mairan...!
    Kaberungna keun tamu beuki meuweuh. Dina lawang pager geus ngaliud, keurmah lawangna heureut turug-turug kahewag ku meja paranti ngeusian buku tamu. Atuh sakalieun anu ngeusi buku tamu rada apik teh tangtu we kana ngantrina da kawas nu teu salabar kapendet kunu nulis jaba nu keur nulisna teh ibu-ibu nu gendut beuki kahalangan we.
  •     "Nyeratna tong sae-sae atuh Bu..!
  •     "Rek bisa nulis kumaha ari pada nyedekeunmah...?" walon si ibu gendut teu ngalieuk-lieuk acan.
  •     "Padahal mah teu nulis go moal nanaon lin...? ceuk nu sejsena
  •     "Nu teu nulismah moal ka aku deuldeu..!" tembal ibu sejenana deui
  •     " Nyai'Ema mah teu bisa nulisna oge...! Ceukl nini-nini noel kanu gigireun
  •     "Keun engke ku abdi dipangnyeratkeun Ni..! Saha namina?" ceuk awewe nu disebut nyai ku nini-nini tea.
  •     "Aran mah sukarsih, tapi ari di lembur disarebut Ma Acih...!" walon nini-nini.
  •     Gimbreung sora salon nu terus ngagedur ti isuk jeung gengsrongna sora nu ngobrol, katambah pisan panitia kusarupaning Pangumuman ti panitia teu eureun-eureun asa teu teuparaguh. Isukna di lembur Pa Dahlan rame nu ting kecewis, ceuk ieu asa teu puguh hajat nu kamarimah, ceuk itu kurang merenah cenah make pola kitu teh, malah aya oge nu nyebutkeun pa Dahlan loba teuing pamolah jeung rea-rea deui komentar urang lembur pokonamah, meh sarerea nu araya di lembur ngarasa kuciwa, saba hajat make pola model kitu teh dianggap teu parok jeung batur teu ilahar pikeun urang lemburmah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar