Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring Nu Maha Wening, Haleuang Nu Maha Wenang, sariring- riring dumading, sarengkak saparipolah sing horeng kumaha urangna, bener mun aya cacarekan pangeranmah ngan saukur nyieun tempat panyiksa, da anging laku lamapah urang nuwa cilaka jeung bagjanamah. bener mun hirup kudu tamiang meulit kabitis, boh kanu perkara hade atawa perkara goreng da mutlak. eta teh mun ceuk baba Gibson mah meulak cabe jadi cabe meulak bonteng jadi bonteng, ari dipikiran deui nya bener pisan mun urang meulak hade jadi hade sabalikna mun meulak goreng tangtunan jadi goreng, bakal ka peutik deui engke ku urang boh hade atawa goreng.
Jadi inget kana lalampahan kuring nu baheula atawa nu keur dirandapan, tapi parandene kitu genteng-genteng ulah potong, da ngarana oge di dunya, seuri ceurik, ngeunah teu ngeunah, goreng sarta alus eta mah mangrupakeun romantika kahirupan. geus papasangan, apan aya paribasa bener bae da lain malaikat salaha wae da lain setan, jida geus jadi sifating manusa tempatna salah jeung bener. mun aya salah saurang jalama nu rek ngancurkeun atawa ngaleungitkeun kagorengan atawa kajahatan eta teh sarua jeung ngalanggar kodrat apan salah jeung bener geus di ciptakeun ku pangeran.
Jadi tong nganggap jalma nu ayena getol leket ibadahna bakal asup sorga, atawa tong nyitak jalma nu ayena ngajalakeun kasalahan atawa kagorengan bakal asup ka naraka, da ari jalmamah ngabogaan hak pikeun Husnul khotimah (Alus katungtungnakeun) mudah-mudahan wae kuring nu kasup salah sahijina. mun isuk jaganing geto kuring jeung kurung digiringkeun ka pakuburan mudah-mudah'an di bere hidayah molongpong jalan ka gedong, caang padang narawangan.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar