Jumat, 27 Januari 2012

Lalangseng Aheng (Si Tambal)

Nyukcruk galur kapungkur mapay carita nu baheula,
carita nu di caritakeun deui. dongeng nu didongengkeun deui, tikolot ka budak, ti budak ka incu, antukna neupi ka ceuli kuring, ngeunaan carita si tambal, di desa kuring nu katelah kadipaten nu kasup daerah majalengka Sindang Kasih Sugi Mukti aya salah sahiji dusun nu kasebut dusun Teluk jambe, di dusun teluk jambe ieu, ayana carita si tambal, si tambal nyaeta ngaran kukudaan (kuda Lumping) anu dijerona kaeusian salah sahiji khodam atawa naon waelah kasebutna kuring teu apal, Nu jelasnamah di teluk jambe aya salah sahiji kesenian Kuda lumping, di kasenian kuda lumping eta  aya salah sahiji kudana teh aya nu di sebut Si tambal, asal kata Si tambal, eta kulantara ceunah kudana soeh terus ditambalna ku kulit jalma. nu ngabogaan si tambal nu katelah aki oyot duka nami aslina saha, da masih aya sekseler jeung kakaratonan cirebon ceunah deui, numutkeun carita lamun si tambal makalangan euweuh nu teu kasima, masyarakat di eta wewengkon.

pangabaran nu di terapkeun ku aki oyot ka eta kuda kacida gedena, da beda jeung kuda-kuda lumping lianan geus teu aneh ceuk paribasan lamun kuda lumping ngadahar beling, tapi ieumah leuwih ti kitu da makalanganna teh di ruhay nu ngabarakbak, lagu bubukana sok sok dimimiti ku amitan lagu engklok, jeung kembang gadung. ayenamah si tambal ngaukur jadi carita hungkul ka ahengan di daerah teluk jambe, ngan ukur jadi lalangse aheng na hate urang kadipten, kulantaran ayenamah ngasaukur tinggal carita, duka kumaha caritana da ceunah nguburkeunna si tambal di salah sahiji gunung nu aya di tataran desa Tolengas nu kateulah Gunung Kancana, di kuburkeun oge masih aya eusian atawa aya khodaman.

kuring salaku masyarakat kadipaten ngarasa bagja ceuk paribasa lir kagunturan madu ka puragan menya putih, lamun eta Si tambal bisa di ayakeun deui dina mangsa ayeuna, tapi da dalah di kumaha ayenamah si tambal nganukur carita kasenian kuda lumping geus kaelehkeun ku kasenian nu ayena, jati geus kasilih junti, ari kurungna  kurung manuk titiran, eusinamah incuing.  ngan ukur kahayang jeung kahayang duka kumaha carana ngarah kasenian karuhun urang bisa midang deui dina mangsa ayeuna. sangkan urang teu poho kanapurwadaksi. (Muncang labuh kapuhu, keris manjing warangka), sangkan urang teu jadi tamu di imah sorangan. Nyanggakeun sabrang salayang Lebet ka cabemah hanteu, bobot pangayon timbang tarajunamah nyanggakeun kanu ngaosna...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar